IKRAR KAISLAMAN
URAIAN TINA HARTI DUA KALIMAT
SYAHADAT
بٍلسمِ آلله آ لرَّ حُمنِ آرَّ حِىمِ. الْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ اْلعَا لَمِىْنَ
وَ اصّلَا ةُ وَ السّلَا مُ عَلَ نَبِىِّنَا مُحَمَّدٍ خَاتَمِ انَّبِىِنَ. وَ
عَلَ آَ لِهِ وَ صَحْبِهِ أَ جْمَعِيْنَ. أَ شْهَدُ أَنْ لاَ اِ لَهَ إِلاَّ الله
وَأَشْهَدُأَنّ مُحَمَّداً رَسُوْلُ اللهِ
- Nyaksi Abdi saestuna ieu alam teh, damelan Gusti, aturan Gusti, olahan Gusti, bawahan Gusti sareng erehan Gusti.
- Nyaksi Abdi saestuna Gusti midamelna ieu alam teh, nyaksikeun karajaan-Nana, ngabentuk langit istana karajaan-Nana, sareng pusat pamarentahan-Nana. Manusa Abdi-Na sareng rakyat-Na, Malaikat ponggawa-Na sareng tentara-Na, para Nabi sareng Rosul utusan karajaan-Nana, panerangan-nana sareng pelatih-Na, kitab-kitab suci ma’lumat-Na sareng undang-undang karajaan-Nana, alam dunya tempat ujian-Nana; Alam barzakh alam rawatan samentara-Na; poe Qiamat poe ngadeg mahkamah-Na; Naraka tempat buangan-Nana, Surga tempat pangsiunan-Nana.
- Nyaksi abdi saestuna teu aya deui panembahan, kajabi Gusti Alloh, Nu di langit, Nu andegleng di luhur Arasy, anu ngatur pamarentahan ti langit ka bumi, Nu nyarengan ka urang sadaya di mana bae aya urang sadaya, nu caket ka urang sadaya langkung caket tibatan urat beuheung urang sadaya, sareng nyaksi abdi saestuna kangjeng Nabi Muhammad SAW teh, panutup para Nabi, sareng panutupan utusan karajaan Gusti Alloh, ka sakabeh manusa pikeun ngajak ngabdi ka Gusti Alloh wungkul, ngahindarkeun pamusyrikan, sareng ngajak to’at ka pamarentahan Mantena, sareng ka pamarentahan nu nangtungkeun pamarentahan Mantena.
- Rido abdi Gusti Alloh pangeran abdi, Raja abdi, sareng panembahan abdi, Islam agama abdi, induk organisasi abdi, induk kasatuan abdi, Kangjeng Nabi Muhammad SAW Nabi abdi, Ka’bah kiblat jasad abdi, Guru Qur’an-Hadits Guru kaislaman abdi, Pimpinan Qur’an-Hadits Pimpinan kaislaman abdi.
رَبَّنأَ مأَ خَلَقْتَ هَذّا بَطِلاً سُبْحَنَكَ فَقِنَا عَذَا بَ اَلنَّا
رِ
Nun Pangeran Abdi sadaya, teu
midamel Gusti, kana ieu teh, percumah, Maha Sanget Gusti, nya mugi nyinglar
Gusti ka abdi sadaya, siksa naraka (Q.S. 3 : 191)
رَبَّنَآ إِنَّكَ مَنْ تُدْ خِلِ انَّارَ فَقَدْ أَخْزَىْتَهُ, وَمَا
لِلظَّلِمِىنَ مِنْ أَ نْصَا زٍ
Nun pangeran abdi sadaya,
sayaktosna Gusti, saha-saha nu buat ngalebetkeun Gusti, kana naraka, nya estu
parantos ngahinakeun Gusti ka manehna, bari teu aya, pikeun nu zarolim, ti pembela-pembela.
(Q.S. 3 : 192)
رَبَّنَآ إِنَّنَا سَمِعْنَا مُناَ دِ يًا يُنَا دِ ي لِلإِ يمَنِ
أَنْ ءَا مِنُوأ بِرَبِّكُمْ فَءأَ مَنَّا
Nun pangeran abdi sadaya,
sayaktosna abdi sadaya, parantos nguping abdi sadaya, ka anu nyeluk, nyeluk
Anjeuna kana iman, yen prak iman aranjeun ka Pangeran aranjeun nya iman abdi
sadaya.
رَبَّنَا فَآ غْفِرْ لَنَا ذُ نُو بَنَا وَكَفِّرْ عَنَّا سَيِّأ
تِنَا مَععَ الأَبْرَارِ
Nun pangeran abdi sadaya, nya mugi
ngahapunten Gusti ka abdi sadaya, kana dosa-dosa abdi sadaya, sareng mugi
nutupan Gusti ka abdi sadaya, kalepatan-kalepatan abdi sadaya, sareng mugi
ngamaotkeun Gusti ka abdi sadaya, sarengan anu sarae (Q.S. 3 : 193)
رَبَّنَا وَءَاتِنَا مَا وَعَدَ تَّنَا عَلَ’ رُ سُلِكَ وَلا تُخْزِ
نَا يَوْ مَ الْقِيَمَةِ إِنَّكَ لا تُخْلِفُ الْمِيعَادَ
Nun pangeran abdi sadaya, nya mugi
masihan Gusti ka abdi sadaya, kana nu, parantos ngajangjikeun Gusti ka abdi
sadaya, kalayan utusan-utusan Gusti, sareng mugi ulah ngahinakeun Gusti ka abdi
sadaya, dina poe qiyamah, sayaktosna Gusti the, moal nyulayaan Gusti kana
perjangjian (Q.S. 3 : 194)
سُبْحَانَ الله
Maha
Sanget Gusti Alloh
اَالله أَكْبَرٌ
Gusti
Alloh Maha Agung
لاَ إِلَهَ إِلاَّ الله
Teu
aya Panembahan kajabi Gusti Alloh
اَلْحَمْدُ لِلَّلهِ
Pujian
the kagungan Gusti Alloh
Nun Gusti Alloh mugi ngahapunten
Gusti, ka abdi sadaya, sareng ka Ibu Bapa abdi sadaya, sareng ka kulawarga abdi
sadaya, sareng ka sadaya muslimin muslimat tina sagala rupi kalepatan.
Nun Gusti Alloh mugi nyalametkeun
Gusti ka abdi sadaya, sareng ka Ibu Bapa abdi sadaya, sareng ka kulawarga abdi
sadaya, sareng ka sadaya muslimin muslimat tina siksa naraka Gusti.
Nun Gusti Alloh mugi ngalebetkeun
Gusti ka abdi sadaya, sareng ka Ibu Bapa abdi sadaya, sareng ka kulawarga abdi
sadaya, sareng ka sadaya muslimin muslimat kana surge firdaus Gusti.
Sumber: Abdurrahman Ya’qub. Adzkar (Catatan Tina Ayat-ayat Al-Qur’an sareng Hadits). Badan Penerbitan YPI Pusat.
Sok atuh gan cing leres ngajalankeun parentah agama teh...
BalasHapushttp://akmaliphotography.com
Hehe muhun gan. Nuhun kunjungan na.
HapusJadi emut basa kapungkur, sateuacan ngaos dimulai teh, sok maca ikrar kaislaman heulla.
BalasHapusWios di copy atw di share mang?
Haturuhun.. Bermanfaat pisan Kang
BalasHapusSuganteh moal aya d internet.. Pek aya d blog ieu..
BalasHapus"kanjeng Nabi Muhammad SAW Nabi abdi sareng panutan abdi, Al-Qur'an Kitab abdi, Al-hadist Pituduh abdi, Ka'bah kiblat jasad abdi"
BalasHapusAllohuakbar
BalasHapusAl Islam jongor hadir
BalasHapus